Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2020

Materi Bahasa Sunda Kelas 8 - Pert 2

Materi  2 Tugasna : catet ulang materi dihandap ieu.   Purwakanti dina Kawih Basa anu digunakeun dina kawih, biasana karasa pi-san kaéndahanana. Lian ti kekecapanna meunang milihan téh, ogé leubeut ku purwakanti. Ku ayana purwakanti, beuki karasa baé éndahna basa téh. Ari nu dimaksud purwakanti téh padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah. Jadi, sarupaning mamanis basa nu diu-dagkeun kana sora, boh vokal boh konsonan. Dina kawih Pahlawan Toha , leubeut pisan ku purwakanti, boh dina jajaranna boh dina gundukanana. Geura urang cutat deui kawihna!  •        Get i h suc i nyiram bum i (murwakanti dina sora i) •        tul a ng sétr a mul a ng lem a h (murwakanti dina sora a) •        babakt i sungkem pert i w i (murwakanti dina sora i) •        cik a l bug a ng putr a bangs a (murwakanti dina sora a) •        Nyatan a Muham a d Toh a (murwakanti dina sora a) •        pahlaw a n Bandung Selat a n (murwakanti dina sora a) •        patri o t ti Dayeu

Kumpulan Materi Bahasa Sunda Kelas 8

Materi 1 : KAWIH  Materi 2 : PURWAKANTI DINA KAWIH    Materi 3 : LATIHAN 2   Materi 4 : TONGTON VIDIO KAKAWIHAN   Materi 5 : UTS/PTS Semester 1 Materi 6 : Warta

Materi Bahasa Sunda Kelas 8 - Pert 1

Materi 1 : KAWIH  Pek salin ku hidep kana buku catatan. KAWIH  Sa ha nu resep ngahariring? Ulah K-pop waé nya ngahariringna. Geura kawih-kawih Sunda ogé ngeunah pisan mun dihariringkeun. Nurutkeun panalungtikan paraahli, remen  ngawih téh bisa ngaron-jatkeun kamampuh gawé uteuk jeung ngurangan strés nepi ka 30 %. Wah...wah...gedé ogé nya mangpaat ngaha-riring téh. Lian ti kitu, kawih ogé bisa jadi média pikeun ngébréhkeun eusi haté. Nu matak, hayu geura urang diajar ngawih. Dina ieu pangajaran hidep bakal diajar ngahaleu-angkeun kawih-kawih Sunda, mahamkeun eusina, néang an purwakantina, jeung nyaritakeun eusina.   A.     Ngaregepkeun Kawih   Regepkeun kawih di handap ngaliwatan kasét/CD/ dihaleuangkeun ku Bapa/Ibu Guru.   Pahlawan Toha   Getih suci nyiram bumi tulang sétra mulang lemah babakti sungkem pertiwi cikal bugang putra bangsa   Nyatana Muhamad Toha pahlawan Bandung Selatan patriot ti Dayeuh Kolot tugu diwangun ngajadi ciri taraté nu mangkak ligar di émp