KAWIH
Saha nu resep ngahariring? Ulah K-pop waé nya ngahariringna. Geura kawih-kawih
Sunda ogé ngeunah pisan mun dihariringkeun. Nurutkeun panalungtikan paraahli,
remen ngawih téh bisa ngaron-jatkeun
kamampuh gawé uteuk jeung ngurangan strés nepi ka 30 %. Wah...wah...gedé ogé
nya mangpaat ngaha-riring téh. Lian ti kitu, kawih ogé bisa jadi média pikeun
ngébréhkeun eusi haté. Nu matak, hayu geura urang diajar ngawih. Dina ieu
pangajaran hidep bakal diajar ngahaleu-angkeun kawih-kawih Sunda, mahamkeun
eusina, néangan
purwakantina, jeung nyaritakeun eusina.
A. Ngaregepkeun
Kawih
Regepkeun kawih di handap ngaliwatan kasét/CD/
dihaleuangkeun ku Bapa/Ibu Guru.
Pahlawan Toha
Getih suci nyiram bumi
tulang sétra mulang
lemah babakti sungkem pertiwi
cikal bugang putra bangsa
Nyatana Muhamad Toha pahlawan
Bandung Selatan patriot ti Dayeuh Kolot tugu diwangun ngajadi ciri taraté nu
mangkak ligar di émpang jadi bukti gugurna pahlawan bangsa
B.
Mahamkeun Eusi Kawih
1.
Eusi Kawih
Kawih Sunda téh loba pisan rupana.
Aya anu dipirig ku calung, ku degung, kacapi suling, malah anu dipirig ku keyboard jeung gitar ogé loba.
Jejer/témana ogé rupa-rupa deuih. Aya nu nyaritakeun cinta, kahirupan,
kaéndahan alam, cinta lemah cai, rupa-rupa kadaharan, jsb. Jejer kawih anu
judulna “Pahlawan Toha” mah ngeunaan kapahlawanan. Eusina nyaritakeun kajadian
gugurna Muhamad Toha salasaurang pahlawan pajoang kamerdékaan ti Jawa Barat.
Kajadian ieu téh kawangikeun ka sakuliah Nusantara. Kumaha gedéna jasa Muhamad
Toha, kagambar dina rumpaka kawih. Muhamad Toha dianggap maot sahid dina
kaayaan suci. Pan disebutna ogé : getih suci nyiram bumi/tulang sétra mulang
lemah. Rumpaka getih suci jeung tulang sétra nganggap yén maotna dina
kaayaan sahid. Satuluyna Muhamad Toha gé disebut cikal bugang putra bangsa. Ieu rumpaka nétélakeun Muhamad Toha téh
dianggap korban munggaran di pangperangan. Sana-jan saméméhna tangtu baé geus
loba nu jadi korban perang, tapi ku gedé-gedéna jasa Muhamad Toha dina mangsa
perjoangan nepi ka dianggap cikal bugangna putra bangsa. Pantes rék kitu ogé,
kapan Muhamad Toha téh ngorbankeun dirina sorangan waktu ngahuru gudang mesiu.
Dina pada kadua, ieu kawih téh
nyaritakeun yén Muhamad Toha téh urang Dayeuh Kolot, Bandung Selatan. Pikeun
pangéling-éling kana jasana, diwangun tugu anu dikurilingan ku émpang pinuh
kembang taraté. Éta tugu téh perenahna di sisi lapang di Dayeuh Kolot.
Jika sudah dicatat kemudian dipotokan, lalu kirim ke Link dibawah ini!
P
BalasHapus