Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2020

Materi Bahasa Sunda Kelas 8 Pertemuan Ke-6

 Tugasna : Pek tulis jeung rangkum ku hidep materi dihandap ieu.  WARTA Warta téh béja. Mun dina koran, majalah, atawa televisi sok disebut berita. Unggal poé televisi ngawartakeun rupa-rupa béja ti sakuliah dunya, dina unggal widang kahirupan. Ayeuna mah mun hayang Nyaho  kana kajadian di Amérika ogé teu kudu hiber jauh-jauh ka ditu, cukup nyetél televisi atawa maca koran jeung majalah, kabéh geus nyampak. Ku kituna, warta téh geus jadi pangabutuh hirup sangkan urang apal sagala rupa kajadian di sakuliah dunya. Ceuk barudak ayeuna mah sangkan up -date alias teu tinggaleun jaman. Warta dina basa Sunda mah teu loba jiga dina basa Indonésia. Majalah ogé ukur sababaraha hiji, kitu deui koran jeung televisi. Keun baé saeutik ogé, nu penting aya. Dina pangajaran ieu mah hidep ngan rék diwanohkeun warta nu kungsi dimuat dina majalah jeung televisi. Naon waé eusina, kumawa wangunna, jeung unsur-unsur naon waé anu kudu aya dina warta sangkan informasi anu ditepikeunana lengkep.     A.    Maca