Materi Bahasa Sunda Kelas 8 Pertemuan Ke-6

 Tugasna : Pek tulis jeung rangkum ku hidep materi dihandap ieu. 

WARTA

Warta téh béja. Mun dina koran, majalah, atawa televisi sok disebut berita. Unggal poé televisi ngawartakeun rupa-rupa béja ti sakuliah dunya, dina unggal widang kahirupan. Ayeuna mah mun hayang Nyaho  kana kajadian di Amérika ogé teu kudu hiber jauh-jauh ka ditu, cukup nyetél televisi atawa maca koran jeung majalah, kabéh geus nyampak. Ku kituna, warta téh geus jadi pangabutuh hirup sangkan urang apal sagala rupa kajadian di sakuliah dunya. Ceuk barudak ayeuna mah sangkan up -date alias teu tinggaleun jaman. Warta dina basa Sunda mah teu loba jiga dina basa Indonésia. Majalah ogé ukur sababaraha hiji, kitu deui koran jeung televisi. Keun baé saeutik ogé, nu penting aya. Dina pangajaran ieu mah hidep ngan rék diwanohkeun warta nu kungsi dimuat dina majalah jeung televisi. Naon waé eusina, kumawa wangunna, jeung unsur-unsur naon waé anu kudu aya dina warta sangkan informasi anu ditepikeunana lengkep.

A.    Maca Warta

 1.            Warta dina Majalah

 Seni Unggulan Daerah Midang di Bandung 

B.          Medar Warta

Aya sababaraha hal anu kudu dipigawé ku hidep jeroning mikawanoh warta. Geura titénan contona.

 1.             Néangan Jejer/téma warta

Warta di luhur téh midangkeun kagiatan budaya. Ku kituna, jejer atawa témana ogé tangtu baé budaya.

2.             Ngaringkes Warta

Warta di luhur téh nyaritakeun kagiatan miéling milangkala Provinsi Jawa Barat anu ka-74. Eta kagiatan téh dilaksanakeun di sabudeureun Gedong Saté Bandung salila tujuh poé tujuh peuting. Acarana dibuka ku Wakil Gupernur Jawa Barat  H. Uu Ruzhanul Ulum, S.E. 

Lamun tos dicatet dipotokeun, terus kirim ke Link dihandap ini! 

KIRIM DISINI

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Materi Bahasa Sunda Kelas 8 - Pert 1

Materi : UTS Bahasa Sunda kelas 8 Pertemuan Ke-5