Materi 3 Tugasna : Eusian ku hidep soal dihandap ieu , jawabanna ditulis di buku, di potokeun terus kintun ka Link di handap ieu ! KINTUN DIDIEU Latihan 2 Dina rumpaka kawih Pahlawan Toha, loba kecap-kecap anu carang dipaké dina paguneman sapopoé. Pék téangan hartina dina kamus, sarta larapkeun kana kalimah saperti conto nomer hiji! 1. sétra hartina beresih , suci, tempat suci, daérah médan perang Larapna dina kalimah: Néng Intan mah keur geulis téh putih ati sétra manah. 2. lemah hartina ... Larapna dina kalimah: ... 3. cikal bugang hartina ... Larapna dina kalimah: ... 4. patriot hartina ... ...
Materi 1 : KAWIH Pek salin ku hidep kana buku catatan. KAWIH Sa ha nu resep ngahariring? Ulah K-pop waé nya ngahariringna. Geura kawih-kawih Sunda ogé ngeunah pisan mun dihariringkeun. Nurutkeun panalungtikan paraahli, remen ngawih téh bisa ngaron-jatkeun kamampuh gawé uteuk jeung ngurangan strés nepi ka 30 %. Wah...wah...gedé ogé nya mangpaat ngaha-riring téh. Lian ti kitu, kawih ogé bisa jadi média pikeun ngébréhkeun eusi haté. Nu matak, hayu geura urang diajar ngawih. Dina ieu pangajaran hidep bakal diajar ngahaleu-angkeun kawih-kawih Sunda, mahamkeun eusina, néang an purwakantina, jeung nyaritakeun eusina. A. Ngaregepkeun Kawih Regepkeun kawih di handap ngaliwatan kasét/CD/ dihaleuangkeun ku Bapa/Ibu Guru. Pahlawan Toha Getih suci nyiram bumi tulang sétra mulang lemah babakti sungkem pertiwi cikal bugang putra bangsa Nyatana Muhamad Toha pahlawan Bandung Selatan patriot ti Dayeuh Kolot tug...
Komentar
Posting Komentar