Postingan

Materi Bahasa Sunda Kelas 8 Pertemuan Ke-6

 Tugasna : Pek tulis jeung rangkum ku hidep materi dihandap ieu.  WARTA Warta téh béja. Mun dina koran, majalah, atawa televisi sok disebut berita. Unggal poé televisi ngawartakeun rupa-rupa béja ti sakuliah dunya, dina unggal widang kahirupan. Ayeuna mah mun hayang Nyaho  kana kajadian di Amérika ogé teu kudu hiber jauh-jauh ka ditu, cukup nyetél televisi atawa maca koran jeung majalah, kabéh geus nyampak. Ku kituna, warta téh geus jadi pangabutuh hirup sangkan urang apal sagala rupa kajadian di sakuliah dunya. Ceuk barudak ayeuna mah sangkan up -date alias teu tinggaleun jaman. Warta dina basa Sunda mah teu loba jiga dina basa Indonésia. Majalah ogé ukur sababaraha hiji, kitu deui koran jeung televisi. Keun baé saeutik ogé, nu penting aya. Dina pangajaran ieu mah hidep ngan rék diwanohkeun warta nu kungsi dimuat dina majalah jeung televisi. Naon waé eusina, kumawa wangunna, jeung unsur-unsur naon waé anu kudu aya dina warta sangkan informasi anu ditepikeunana lengkep.     A.    Maca

Materi : UTS Bahasa Sunda kelas 8 Pertemuan Ke-5

Pek jawab sakur pertanyaan ieu dihandap ! 1. sebut alat/pamirig nu biasa dipake dina ngawih! 2. pek kuhidep tulis syair kawih nu sok biasa kuhidep dikawihkeun tangtukeun purwakantina per jajaran! 3. pek jelaskeun naon nu dimaksud kawih! 4. jelaskeun naon nu dimaksud purwakanti dina kawih?  kanggo soal no 5, 6, 7  pek perhatikeun kawih dihandap ieu!  MOJANG PRIANGAN angkat ngagandeuang  bangun taya karingrang nganggo sinjang dilamban mojang priayangan 5. sebutkeun purwakanti dina kawih diluhur! 6. pek ku hidep jelaskeun nyaritakeun naon kawih di luhur! 7. sebutkeun harti kecap mojang priangan! 8. pek kuhidep larapkeun kecap karingrang dina kalimah!  Potokeun jawaban, teras kintun kana Link dihandap ieu !     KIRIM DISINI

Materi Bahasa Sunda Kelas 8 Pertemuan Ke-4

Materi  4 Tugasna : Tonton video dihandap ieu kakawihan lagu muhamad Toha 

Materi Bahasa Sunda Kelas 8 - Pert 3

  Materi 3 Tugasna :  Eusian  ku hidep  soal dihandap ieu , jawabanna ditulis di buku, di potokeun terus kintun ka Link di handap ieu !    KINTUN DIDIEU Latihan 2 Dina rumpaka kawih Pahlawan Toha, loba kecap-kecap anu carang dipaké dina paguneman sapopoé. Pék téangan hartina dina kamus, sarta larapkeun kana kalimah saperti conto nomer hiji!   1.              sétra hartina beresih , suci, tempat suci, daérah médan perang Larapna dina kalimah:           Néng Intan mah keur geulis téh putih ati sétra manah.  2.              lemah hartina ... Larapna dina kalimah: ... 3.              cikal bugang hartina ... Larapna dina kalimah: ... 4.              patriot hartina ... Larapna dina kalimah ... 5.              mangkak hartina ... Larapna dina kalimah: ... 6.              ligar hartina ... Larapna dina kalimah ... 7.              émpang hartina ... Larapna dina kalimah: ...  

Materi Bahasa Sunda Kelas 8 - Pert 2

Materi  2 Tugasna : catet ulang materi dihandap ieu.   Purwakanti dina Kawih Basa anu digunakeun dina kawih, biasana karasa pi-san kaéndahanana. Lian ti kekecapanna meunang milihan téh, ogé leubeut ku purwakanti. Ku ayana purwakanti, beuki karasa baé éndahna basa téh. Ari nu dimaksud purwakanti téh padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah. Jadi, sarupaning mamanis basa nu diu-dagkeun kana sora, boh vokal boh konsonan. Dina kawih Pahlawan Toha , leubeut pisan ku purwakanti, boh dina jajaranna boh dina gundukanana. Geura urang cutat deui kawihna!  •        Get i h suc i nyiram bum i (murwakanti dina sora i) •        tul a ng sétr a mul a ng lem a h (murwakanti dina sora a) •        babakt i sungkem pert i w i (murwakanti dina sora i) •        cik a l bug a ng putr a bangs a (murwakanti dina sora a) •        Nyatan a Muham a d Toh a (murwakanti dina sora a) •        pahlaw a n Bandung Selat a n (murwakanti dina sora a) •        patri o t ti Dayeu

Kumpulan Materi Bahasa Sunda Kelas 8

Materi 1 : KAWIH  Materi 2 : PURWAKANTI DINA KAWIH    Materi 3 : LATIHAN 2   Materi 4 : TONGTON VIDIO KAKAWIHAN   Materi 5 : UTS/PTS Semester 1 Materi 6 : Warta

Materi Bahasa Sunda Kelas 8 - Pert 1

Materi 1 : KAWIH  Pek salin ku hidep kana buku catatan. KAWIH  Sa ha nu resep ngahariring? Ulah K-pop waé nya ngahariringna. Geura kawih-kawih Sunda ogé ngeunah pisan mun dihariringkeun. Nurutkeun panalungtikan paraahli, remen  ngawih téh bisa ngaron-jatkeun kamampuh gawé uteuk jeung ngurangan strés nepi ka 30 %. Wah...wah...gedé ogé nya mangpaat ngaha-riring téh. Lian ti kitu, kawih ogé bisa jadi média pikeun ngébréhkeun eusi haté. Nu matak, hayu geura urang diajar ngawih. Dina ieu pangajaran hidep bakal diajar ngahaleu-angkeun kawih-kawih Sunda, mahamkeun eusina, néang an purwakantina, jeung nyaritakeun eusina.   A.     Ngaregepkeun Kawih   Regepkeun kawih di handap ngaliwatan kasét/CD/ dihaleuangkeun ku Bapa/Ibu Guru.   Pahlawan Toha   Getih suci nyiram bumi tulang sétra mulang lemah babakti sungkem pertiwi cikal bugang putra bangsa   Nyatana Muhamad Toha pahlawan Bandung Selatan patriot ti Dayeuh Kolot tugu diwangun ngajadi ciri taraté nu mangkak ligar di émp